Mitos Kajantenan Musibah Golden star Purwakarta.
Purwakarta - kajantenan kahuruan di golden star pasar jum'at purwakarta dinten jum'at 21/03/2025 tabuh 08:00 WIB ngantunkeun ragam pemikiran tina manah masyarakat balarea.
Lain ngan saukur perkara seneu anu sakitu gancang na nga bumi hanguskeun sakabeh bangunan 2 lantai nu kalintang kokoh tur gede na tapi di balik eta aya sebagian anu ngagaduhan pola pandang anu benten - benten di antawisna nu nganggo perhetangan paririmbon Jawa anu nyebat keun kajantenan kahuruan pertokoan di pasar jum'at pas dina dinten jum'at iyeu janten ciciren anu teu hade tina kajantenan iyeu.
Tina paririmbon Jawa kaping 21 kerep di kait-kaitkeun ejeung energi nu negatif sareng potensi bakal aya kajadian anu gede anu bakal nyieun perubahan anu drastis.
Di barengan ku poe jum'at pahing weton anu ngepas tina mangsa kajadian iyeu ninggang dina naptu 15 anu nyipatan " Lakuning sarengenge" Anu ngalambangkeun cahaya ca'ang anu bakal ngondang perhatian masyarakat luas.
Salain eta kajadian iyeu oge kajadian di wuku gumbreng,
Hiji wuku anu loba di kait keun ejeung guludug anu nyamber, hiji kajadian anu tumiba teu di sangka tapi ngandung dampak anu gede,teu heran amun loba masyarakat anu ngait-ngaitkeun kajadian iyeu ejeung perkara tanda - tanda ghaib, sebagian tukang dagang malahan ngaku ti awal ngarasakeun firasat aneh samemeh kajadian.
"Abdi ngarasa teu paruguh rarasaan ti isuk mula, manuk - manuk anu biasa na loba alentrep dina luhur gedong toko ujug -ujug haliber jiga nu kasarieunan, abdi teu nyangka bakal aya kajadian kahuruan anu gede siga kieu sambung tukang dagang pakean nu di lantai dasar anu dagangana se'ep di lalab ku seune tina kajadian harita.
Kajadian iyeu beuki nguatkeun mitos pasar jum'at anu konon miboga sajarah mistis anu sabagian warga percaya tempat eta miboga energi lawas anu sewaktu - waktu bisa bangkit.
Sampe ka kiwari sabab kahuruan acan panggih kapastianana jeung masih dina proses panalungtikan, tapi jang sabagian warga anu percaya kanu paririmbon kajadian iyeu lain saukur musibah biasa, tapi bagian anu tos jadi takdir anu tos di ramalkeun keun ku para karuhun ti heula.
Duka emang kaleresan atawa emang aya hiji kakuatan ghaib anu berperan? Misteri kahuruan pasar Gs sampe ayeuna tetep jadi obrolan sabagian warga sabuderan purwakarta.